Sabtu, 22 Agustus 2026

Teks MC Maulid Bahasa sunda


 

Assalamualaikum Wr WB

Alhamdulillahiladzi anaa ro jamial wujud bi maulidi sayidil anam. Ahmaduhu alla maa aulana minal in am. Wa asyhaduala ilaha ilallah wahdahula syarikalah. Syahadatan tunji qoiluha minal qurubil izhom.

Wa asyhaduanna sayidana muhammadan abduhu wa rosuluhu dzusyafaatiluzma yaumal idz diham. Wa alaa aalihi wa sohbihilladzina sabaquuna bil iman, amma badu.

Faqod qolalahu ta ala fil quranil adzim wahuwa asdaqul qoilin tabarukan bi dzikri.

Audzubilahiminasy syaitonirozim bismillahirohmanirrrohim wamaa arsalnaka ila rohmatan lil alamain. Wallohu alam bihaqiqotil murod.

Waqola rasullullohi sholalahu alaihi wasalam

Man ahya sunati faqod ahabani waman ahabani kana maaifil janah

Waqolas siris syakotiqodasalohu sirroh man qosoda maudian yuf rou fihi maulidunnabi shalalahu alaihi wassalam  faqod qosoda roudotan min riyadil janah li anahu ma qosoda dzalikal maudia ila li mahabatin nabiyi shalalahu alaihi wassalam.

Alhamdulillahirobbilalamin allohuma sholi wasalim ala sayidina wa maulana muhammad wa ala ali sayidina muhammad aladzi zoharot li maulidihil azaaib wa badat bizuhurihil goroib

Allohuma robisy rohli sodri wayas sirli amri wahlul uqdatan min lisani yafqohu qouli.

Allohumar jukna fahman nabiyin wa hifjol mursalin wa ilhamal malaikatal muqorobin birohmatka ya arhamar rohimin.

Hadirin kaum muslimin sepah miwah anu anomna wabil khusus ka para alim ulama, ka para hujaz, ka para asatidz, oge ka para tokoh masyarakat sareng ka para aparatur pemerintahan anu ku sim abdi di hurmat. Akhosul khusus nu ku sim abdi di hurmat kersana guru urang sadaya neng H  ade pamudah-mudahan di tambih2 kamulyaan ku allah swt aamiin ya robbal alamin. Wasilah ahli (Jampas) jamaah pangaosan sabtu ngulem ka urang sadayana sahingga urang sadaya tiasa kumpul ngariung bongkok ngaronyok di iey tempat anu mulya dina raraga memperingati kana dilahirkeunana nabi urang sadaya wastana kanjeng nabi muhammad saw ku ayana sakitu mudah2an ieu tazim sing di tampi aamiin ya robal alamin.

Ti payun sim abdi nyanggakeun puja sinareng puji ka dzat ilahi robi anu mana sholawat miwah salam sing di curahkeun ka habibana wa nabiyana muhammad saw sareng mugi sholawat miwah salam ieu sing di curahkeun  ka keluargina, ka sohabatna, ka para tabiin atbaut tabiin, salaf solihin, ulamaul amilin menerobos ka segenap lapisan muslimin wal muslimat ti masyrik dugi ka magrib anu masih keneh nyukcluk jalur mapay tapak nyekeul deleg kana syareat nabi urang sadaya wastana kanjeng nabi muhammad saw.

Hampunten sim abdi ngadeg di hadirin sadaya teu aya sanes nyaeta dipiwarang tugas pikeun ngaturna ieu acara dina raraga tazim wa takriman maulid kanjeng nabi muhammad saw.

Insya allah anu bade ngaos nyaeta guru urang sadaya neng haji ade, sateuacan anjena tausiyah mangga urang doaken mudah2an anjena sing panjangken yuswana, sing di tambih2 kamuliaan ku allah swt, aamiin ya allah ya robal alamin

Mangga waktos sinareng tempat disumanggaken ka mantena ………….

Hatur nuhun pisan ka neng haji ade anu atos masihan tausiyahna, mudah2an urang sadaya tiasa ngamanfaatken tur ngamalken kana petuah2na anu atos disampaiken.


Alhamdulillah acara demi acara parantos dilaksanaken tur aya dina kalancaran, sim abdi atas nama pembawa acara ngucapken hatur nuhun sareng nyuhunken hampura tina sadaya kakiranganana.

 

 Jangan lupa teman-teman kunjungi blog omjay di : https://wijayalabs.com

   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Entri yang Diunggulkan

Postingan Populer